Lalakon: Lalakon WSAB
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, August 18, 2005

Lalakon WSAB

Lalakon atanapi lalampahan para wanita dugika janten wsab blog sareng milist teh dikawitan ku para wanita sunda anu gaduh blog. Perkawis naon eta blog? Panginten sadaya oge parantos uninga. Nu kitu tah pokona mah...

Conggah dina blog, naek kana ngobrol dina YM, nu duaan janten tiluan, nu tiluan janten opatan, dugika aya genepan anu biasa konpren nganggo YM. Ngobrol, gogonjakan, patukeur-tukeur carita sareng inpormasi. Dugika karaos, geuning seueur mangpaatna ieu silaturahmi teh...
"Hayu WSAB, urang konpren deui" harita saur Ophi, ti Jerman, benua Eropa

Tidinya ngawitan konpren teh dinamian WSAB, Wanita Sunda Antar Benua. Kumaha Ophi kenging eta nami? Ah duka, henteu kedal manehna teh. Rusiah cenah. Nanging anjeuna keresa masihan dongeng anu aya pakuat pakait sareng eta nami, diserat kuanjeuna di bagean handap ieu kaca.

Genep urang anu harita mindeng konpren teh nyeta:
Ophi asli Bandung tumetep di Jerman
Inta asli Bandung tumetep di Jerman
Intan asli Bogor tumetep di Inggris
Roro asli Kuningan tumetep di USA
Nia asli Bogor tumetep di USA
Lia asli Garut tumetep di USA

Salajengna Lia, ti USA, benua Amerika, gaduh kahoyong ngadamel blog kanggo nepakeun mangpaat ka batur nu kaleresan teu tiasa konpren sasarengan. Ophi deui wae ngamimitian ngadamel ieu Blog.

Saparantosna gaduh blog, Inta gaduh pamadegan deui kanggo ngadamel milist. Der we Inta sareng Lia teh ngadamel milist, salajengna dibantos ku Irma ti Jakarta, sareng Inong ti Singapur.

Sanes maksad ngagulkeun atanapi ngagungkeun kasundaan, tapi landong sono ka lembur jeung dulur, panineungan ka sarakan. Sugan tiasa sakantenan ngamumule Sunda ieu para Iteung teh.

Hayu urang riung mungpulung, nyangreudkeun tali duduluran, ngabewarakeun kamaslahatan.


Perkawis ulu biung kana ieu blog atanapi milist WSAB, tiasa diaos dina bagean Bewara, pamugi seueur mangpaat kanggo urang sadaya..

Wilujeng...

_ 5 Benua, 23 Agustus 2005